Minggu, 08 Juli 2012

ITUNGAN SYAREAT PANYAKIT


Itungan pikeun nganyahokeun panyakitna jalma dina anggahota badanna
Bagean anggahota anu gering dina poé:

Ahad geringna aya di mana suku anu kénca
Senén geringna aya di mana taktak anu katuhu
Salasa geringna aya di mana beuteung
Rebo geringna aya di mana rarangan ( gagaduhan )
Kemis geringna aya di mana suku anu katuhu
Jum`at geringna aya di mana taktak anu kénca
Saptu geringna aya di mana sirah

upamana jalma gering ngawitanna tina poé juma`at kliwon , naptuna jum`at = 6 sarta kliwon = 8 jadi totalna 14 saterusna dikurangan tujuh ( - 7 ) jadi sésana 7 , saterasna diitung ti mimiti geringna ti kawit :
1. Jum`at
2. Sabtu
3. Ahad
4. Senen
5. Salasa
6. Rebo
7. kemis
Jadi geringna aya di suku anu katuhu

Tidak ada komentar:

Posting Komentar